Minggu, 16 Oktober 2011

PARIBASA SUNDA
1.                  Adam lali tapel: poho ka baraya.
2.                  Adat kakurung ku iga: tabe’at mah hese dipiceunna (dirobahna).
3.                  Adean ku kuda beureum: ginding ku barang beunang nginjeum.
4.                  Titirah ngadon kanceuh: maksud hayang neang kasenangan, tapi malah meunang kasusah.
5.                  Ngadu-ngadu rajawisuna: ngahudang amarah dua jelema sina bengkah/ ngadukeun batur.
6.                  Agul ku payung butut: jalma taya kaboga, tapi nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula.
7.                  Ulah ieu aing uyah kidul: ulah asa aingt pangpunjulna.
8.                  Landung kandungan laer aisan: gede timbangan/ asak pamikiran samemeh ngalakukeunana.
9.                  Elmu ajug: jalma nu bisa mapatahan ka batur, tapi manehna sorangan teu ngajalankeun papatahna.
10.              Ngajul bentang ku asiwung: hal anu pamohalan bisa kalaksanakeun.
11.              Tikoro andon peso: nyampeurkeun ka jelema nu boga maksud rek nyilakakeun.
12.              Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed: ari umur geus kolot, kahayang cara nu ngora.
13.              Ngeunah angen ngeunah angeun: pamajikan satia, ngeunah pasakanana, cukup dahareun tur taya kasusah.
14.              Diangeun careuhkeun: disuguhan tapi kalah diantep henteu didahar.
15.              Neukteuk mere anggeus: mutuskeun hubungan (tali silaturahmi).
16.              Ngimpi ge diangir mandi: bararaid teuing.
17.              Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan: jelema gedebul dihaminan supaya tambah maceuh.
18.              Ngadu angklung: parebut omong, hayang paunggul-unggul.
19.              Elmu angklung: joledar, nukang nonggong ka kolot.
20.              Anjing ngagogogan kalong: mikahayang nu pamohalan.
21.              Kawas anjing tutung buntut: berebet ka ditu berebet ka dieu kawas nu samar rasa.
22.              Nulungan anjing kadempet: nu asih dipulang sengit.
23.              Anjing nyampeurkeun paneunggeul: nyampeurkeun nu rek mahala.
24.              Paanteur-anteur julang: nu tas nganteur dianteurkeun deui ku nu dianteurkeun.
25.              Sapi anut ka banteng: awewe ngawula ka salaki.
26.              Ngaliarkeun taleus ateul: nyebarkeun kagorengan batur.
27.              Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam: berehan ka deungeun-deungeun, ari ka baraya kakad-keked.
28.              Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban: digantung, ditalak henteu, dinapkahan henteu.
29.              Kawas badak Cihea: dilarapkeun ka jelema nu leumpang noyod kawas nu degig.
30.              Balung kulit kolot meuting: henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.
31.              Marebutkeun balung tanpa eusi: madukeun perkara nu teu aya hasilna.
32.              Banda tatalang raga: leuwih hade ngorbankeun banda, batan cilaka awak.
33.              Banda sasampiran, nyawa gagaduhan: boh banda boh nyawa Pangeran nu kagungan.
34.              Batok bulu eusi madu: goreng rupa atawa euweuh tagog, tapi pinter jeung bageur.
35.              Saherang-herangna cai beas: saberesih-beresihna hate nu dinyenyeri, moal beresih pisan.
36.              Bebek ngoyor di sagara, rek nginum neangan cai: lubak-libuk tapi teu bisa make, da lain hakna.
37.              Meber-meber totopong heureut: ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya mahi.
38.              Ngijing sila bengkok sembah: teu satia ka dunungan.
39.              Ngadagoan belut sisitan: moal kaalaman, mustahil kajadian.
40.              Bengkung ngariung, bongkok ngaronyok: kajeun hirup ripuh, asal tetep teu pajauh jeung anak incu.
41.              Bentik curuk balas nunjuk, capetang balas miwarang: ngan bisa marentah atawa nitah wungkul, henteu prak digawe ku sorangan.
42.              Nyanggakeun beuheung teukteukeun, suku genteng belokeun: masrahkeun diri lantaran rumasa salah.
43.              Mindingan beungeut ku saweuy: api-api teu nenjo kasalahan bawahan atawa rayat lantaran teu mampuh ngayakeun tindakan saperluna.
44.              Ati mungkir beungeut nyanghareup: henteu terus jeung hate (munapik).
45.              Bilatung ninggang dage: dilarapkeun ka jalma teu jujur nu kabeneran meunang kedudukan atawa kasempetan anu nguntungkeun pikeun manehna.
46.              Sabobot sapihanean, sabata sarimbagan: lulus runtut sakasuka sakasusah.
47.              Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan: nu keur susah dipupuas, atawa ditambahan kasusahanana.
48.              Legeg lebe, budi santri: ari lampah euwah-euwah, jalma jahat nu bisa nipu ku tindak-tanduk anu sopan.
49.              Nimu luang tina burang: meunang luang lantaran kungsi cilaka.
50.              Lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan: pipilueun nyarita atawa ilubiung kana sarupaning urusan, padahal lain ahlina.
51.              Seuneu hurung cai caah ulah disorang: jelema nu keur napsu atawa amarah ulah diheureuyan.
52.              Gede cahak manan cohok: gede keneh kahayang tibatan panghasilan.
53.              Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak: layeut, runtut raut silih ayunkeun.
54.              Kawas cai dina daun taleus: teu puguh pamadegan, atawa mun dipapatahan eweuh tapakna.
55.              Alak-alak cumampaka: niru-niru atawa mapadani saluhureun.
56.              Tunggul dirarud catang dirumpak: ngalajur napsu taya nu dihiding.
57.              Cecendet mande kiara: jalma leutik hayang nyaruaan nu beunghar atawa nu gede pangaruhna.
58.              Ngadek sacekna, nilas saplasna: nyarita satarabasna, henteu direka.
59.              Maut nyere ka congona: jelema nu asalna beunghar (lubak-libuk), beuki kolot beuki kokoro.
60.              Congo-congo ku amis, mun rek amis oge puhuna: mun keur leutikna badeur geus kolot na oge pamohalan bakal bageur.
61.              Cukup belengur baraganaya: resep mere kabatur bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
62.              Cul dogdog tinggal igel: ninggalkeun pagawean nu utama, ngalampahkeun pagawean nu taya hasilna.
63.              Dogong-dogong tulak cau geus gede dituar batur: ngamumule budak awewe jang pipamajikaneun, ari geus meujeuhna kalah dikawin batur.
64.              Ngeundeuk-ngeundeuk geusan eunteup: neangan akal pikeun nyilakakeun dunungan.
65.              Piit ngeundeuk-ngeundeuk pasir: mikahayang anu teu layak pikeun dirina.
66.              Nangkeup mawa eunyeuh: mawa susah atawa mawa cilaka ka nu dipentaan tulung.
67.              Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
68.              Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
69.              Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
70.              Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
71.              Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
72.              Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
73.              Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
74.              Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
75.              Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda, ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng mamrih kahormatan atawa kauntungan.
76.              Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
77.              Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
78.              Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
79.              Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
80.              Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
81.              Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
82.              Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
83.              Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
84.              Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
85.              Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
86.              Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
87.              Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
88.              Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
89.              Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
90.              Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.
91.              Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
92.              Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
93.              Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
94.              Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
95.              Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
96.              Aya hate kadua leutik naksir.
97.              Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
98.              Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
99.              Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
100.          Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
101.          Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
102.          Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
103.          Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun.
104.          Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
105.          Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan beak karep ku rido jeung beresih hate.
106.          Banda tatalang raga lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
107.          Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.
108.          Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
109.          Beurat birit hese jeung sungkan dititah.
110.          Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Berita yang lain

FOTO MURID